Minggu, 01 Mei 2016

On 20.14 by imengothic   3 comments
CARITA MISTIS WENGI JUMAT

SAJARAH TATAR SUNDA
SASAKALA  GUNUNG ARCA


Assalamualaikum

Baraya patepang deui sareng simkuring Risman imengothic alias kang imen dina Carita “MISTIS WENGI JUMAT”.anu dina danget ieu atanapi episode ayeuna,simkuring  bade neraskeun carios Sasakala Gunung Arca”.kusabab masih keneh seeur  rusiah anu teuacan kanyahoan  di ieu gunung.Upami baraya teuacan terang episode Sasakala Gunung Arca ti mimiti,mangga tiasa di tingal di Carita Mistis Wengi Jum’ah.
Sapertos anu parantos di pedar kamari ,gunung Arca boga hiji kaahengan nyaeta sok aya wujud  Arca anu ujug-ujug nembongan teras upami di teang deui bakal ngaleungit.wallohu alam eta duka naon. mung urang kedah inget,salain ti bangsa jelema jeng sato anu jadi pangisi ieu dunya aya oge  nyaeta bangsa jin.janten wajar urang tekedah ngaraos aneh deui.maka di carioskeun dina katerangan,bangsa jin mah di torekeun cepil na,tapi bisa ningali ka bangsa manusa,sabalikna bangsa manusa di lolongkeun panon na sahingga teu bias ningali kana anu ghoib.

Arca di temukan di gunung Arca 1980


Tah kitu baraya,gening atos sieun nya dugika dieu oge,sok atuh regepkeun we.anu gaduh bojo mangga tiasa paduduaan macana,etang-etang wengi  sunatan kitu.atuh ka anu teuacan gaduh bojo nya wayahna we ngaringkuk bari luman lamun mikiran hoyong nikah iraha,bari teuacana aya calon na jeng teuaya deui kanggo modalna. Papakean numpuk najolang seseuhaneun watir.cing salabar nya baraya kerepkeun ngadu’a na,rajinkeun ikhtiarna,getolkeun milari jang modalna.

Balik deui ka bahasan pokok carita,nyaeta kang imen mah sok mengkol wae teu karasa lamun tulas -tulis teh,sok hayang kadinya wae baraya.aya deui hiji kaahengan gunung Arca anu ku simkuring parantos kapaluruh nyaeta “Batu Beus”.naon nya baraya batu Beus teh,asa karek ngadangu.Batu beus nyaeta salah sahiji batu ukuran na sami sareng ukuran mobil  Bus.kitu oge rupa na pércis pisan ciga mobil Bus.Pernah na ieu batu nyaeta handapeun gunung arca pisan,ayana di tengah wahangan Cicadas,di leuwi Gobang.tiasa di tingal di foto.eta foto di canak nalika saatos aya kajantenan caah dengdeng tea,tiasa katingal tilasna ruksak,cai dugika nepi kana sateungaheun Batu Beus nandakeun cai masih ageung.pasti baraya parantos ngadangu,aya kajantenan caah dengdeng dina waktos bulan ka tukang.apan dugika aya bewara na dina kana TV,Koran jeng sajabana.
Naon atuh kaahengan Batu Beus teh.Batu Beus kusabab di sebut aheng nyaeta cicingna di tengah wahangan jeng sami pisan rupa na ciga mobil bus.aya carita ieu batu asalna tina lamping (Lamping : Tebing sangat tinggi melebihi 200m).jadi menurut carita ieu batu beus asalna murag ngalayang tina lamping,terus meneran pisan murag na di tengah wahangan.tapi ku aneh na eta batu henteu ancur tetep we kitu rupa na teh.sangkilang apan muragna tina luhur +- 200m.bisa kabayangkeun batu sagede kitu,murag tina lamping anu luhur,manateuing eundeurna baraya.

 Batu Beus Sungai Cicadas Sukabumi

Nurutkeun panalungtikan simkuring waktos di eta patempatan, simkuring ningali saperti aya tulisan sunda kuno di ieu batu tapi teu jelas,naha eta teh patilasan atanapi sanes .bisa jadi eta patilasan karajaaan pajajaran .kusabab tong di caturkeun deui ,wewengkon tatar sunda nyaeta sadayana tos janten kakawasaan karajaan pajajaran.jadi wajar upami seeur patilasan na di unggal tempat.
Salain ti eta,dina batu beus oge sok aya anu kawenehan makhluk pikasieuneun anu disebut “Buyut Rongke”.Buyut Rongke nyaeta hiji makhluk anu boga pangawakan ari kaharep embe ,ari katukang meong.ari sora kawas embe,ari pangawakan meong,kirang leuwihna sapertos kitu baraya.Duka naon ieu asalna makhluk,tina bangsa sato atawa makhluk ghoib,can pati kapaluruh.ngan saur carita kolot baheula mah ieu Buyut Rongke teh sok ngadaharan sasatoan piaraan urang lembur.samodel domba jeung embe anu di pikaresep nateh.jeung lamun nalika keur ngadodoho,sok tara kanyahoan urutna baraya.sugan aya panto kandang muka atawa ruksak,teuaya ieumah.sareng deui  buyut rongke mah lain ngala dagingna,tapi di gegel beuheungna terus di ala getihna eta sato.
Sapalih carios,Buyut Rongke Kaluar na dina wengi Bulan Purnama hungkul.salain ti etamah tara nembongan.tah samodel di batu beus lamun kaparengan ngaliwat heg keur meneran pisan bulan purnama,lamun anu kabeneran kawenehan mah,bakal ningali keur culato dina luhureun batu Beus.meuni sieun baraya muriding nya.coba heg bayangkeun,makhluk boga pangawakan embe jeng meong,apan aneh bateuing etateh mahkluk ghoib atawa naon panginten.pokonamah pikasieuneun.
Buyut Rongke Cicingna di Gunung Guha,pernah na di tempat anu di sebat janela ,Janela teh hartos na ngaran tempat mangrupaning batu karang bodas rupa na ciga Janela.eta aya na di Gunung Guha tiasa di Baca Sasakala Gunung Guha.didinya saurna cicingna eta makhluk teh,ngan pangulinan anu di pikaresep ku eta makhluk saurna di gunung Arca.Merenan ari pangbalikan mah ka Gunung Guha ,nalika ari ulin mah resep na di gunung Arca.sareng lain di dua gunung ieu hungkul aya na Buyut Rongke teh,tapi Di wewengkon anu lain na oge aya wae baraya.
Aya deui carita tukang moro ( Tukang Moro : Berburu hewan Liar),khususna kolot bahela. Pernah manggihan eta makhluk nalika keur biasa we moro mencek ka gunung Guha.tah kanyahoan na teh di Gunung Guha baraya,terus di udag ku sararea,biasa pan ari tukang moro mah rageman bari mawa pakarang lengkep sareng anu utama namah Anying .kusabab Anying mah irungna seukeut,bisa ngambeu nu jadi musuhna tina jarak jauh sareng wanian.ngan hanjakal  tos di uber kaditu kadieu,eta buyut rongke teh teu benang baraya,teupuguh laratan nana .ciga anu ngaleungit dadak sakala.malahan Anying oge sarua teu manggihan laratan eta makhluk.
Cape euy baraya, jaba nuju teu damang simkuring  dina danget ayeunateh.nuju Muriangan sareng di tambih diare.parantos tilu dinten dugika ayeuna tapi alhamdulilah rada mendingan geuning.janten tiasa neraskeun deui ieu carita.nyuhunkeun pidoana nya baraya,mudah-mudahan simkuring cing engal di caketkeun jodo na.
Mung sakitu carita anu di pedar dina dinten ieu,Gunung Arca  bakal terus di hanca di episode salajengna,kusabab masih seeur anu teuacan kapaluruh ngeunaan anu aya hubungan na jeung ieu gunung.hatur nuhun sateuacana.
Wassalam.
Salam ti urang Sukabumi
Create by Risman imengothic

Kango anu hoyong update carita Mistis wengi Jumat mangga tiasa gabung di group
CANDARIA BARAYA URANG SUNDA
Atanapi di facebook


Sumber :
Komunitas Tukang Moro Cigati
Carita masyarakat sekitar
Pikiran Rakyat
Bukti peninggalan yang telah di temukan
Silahkan untuk di share
Dilarang copas tanpa seijin saya


3 komentar: