Kamis, 21 April 2016

On 02.30 by imengothic   2 comments


CARITA MISTIS WENGI JUMAT
SAJARAH TATAR SUNDA
SASAKALA WAHANGAN CIMANDIRI & LULUN SAMAK

Assalamualaikum

Baraya patepang deui sareng simkuring Risman imengothic alias kang imen dina Carita “MISTIS WENGI JUMAT”.anu dina danget ieu atanapi episode ayeuna,simkuring  bade medar carita dina judul “Sasakala Wahangan Cimandiri & Lulun Samak”.Baraya pasti kantos  ngadangu atanapi teuacan aya anu terang  dimana eta ayana Wahangan Cimandiri,sareng naon anu di sebat Lulun Samak?
Mangga urang  kawitan.
Wahangan Cimandiri nyaeta salah sahiji wahangan anu kaasup wahangan gede di Indonesia.pernah na di Sukabumi Jawa barat.Wahangan ieu kumpulan ti sababaraha wahangan lain di sukabumi,di antawisna  wahangan Citalahab,Cicadas,Cipelang sareng nu lainna.Anu jadi sirah cai (Sirah Cai :mata air pertama sungai ) wahangan ieu nyaeta anu ka asup tilu wahangan tadi,salah sahiji na wahangan Citalahab/Cicadas,anu sirah cai na di Bibijilan guha Siluman kp Lebak Nangka kacamatan nyalindung.Teras deui anu  sirah Cai na ti wewengkon  Sukaraja ,sareng masih seeur anu lainna.

Garehong Cimandiri
                Asal usul kunaon aya wahangan Cimandiri,nyaeta kusabab di jieun ku Erupsi Gunung sareng ku kaayaan Alamiah.mungguh Alloh kawasa anu tiasa nyiptakeun dunya sareng pangisi na.“Kun Fayakun” maka janten.Wahangan Cimandiri  saban waktu cai na tetep kiruh ,teacan pernah ningali anu nami na wahangan cimandiri cai na herang.sareng unggal leuwi  di ieu wahangan ukuran na jarero,tiasa di perkirakeun kana +- 3m tiap leuwi na.komo aya nu leuwih jero ti ukuran eta.Wahangan ieu panjang na kirang langkung kana 300 kilometer,anu tungtungna wahangan ieu nyaeta di Laut Palabuan Ratu. Maka Tos tekedah di caturkeun deui upami sasatoan anu hirup di ieu wahangan Cimandiri khususna anu hirup dina cai ,pasti seeur sareng rupi-rupi jinisna.makana sok di anggo tempat Ngala lauk ,sapertos anu Lintar sareng tempat  sae pisan kango anu resep nguseup.
Salain tempat ngala lauk, ieu wahangan tegep pisan kango anu resep olahraga Arum jeram.kusabab cai na tarik sareng wahangan na deuih kawilang ageung.Di wahangan Cimandiri ieu aya tempat anu matak kapincut pikaresepeun pisan, nyaeta anu disebat “Muara”.Muara anu hartos na paamprokna dua wahangan janten hiji wahangan.nyaeta di antawisna wahangan Cicadas Citalahab,teras wahangan Cipelang sareng Cimandiri.Muara ieu pernah na di dua kacamatan nyaeta Di palih girangeun kampung Garehong  Sirnaresmi kacamatan Gunungguruh ,teras di lebakeun kp Cijolang Wangun reja kacamatan nyalindung.Tepat na Pengkereun Pabrik Semen SCG.
Tempat anu matak kapincut  pikaresepeun lainna sapertos Jamatan jalur ,anu pernah na teu tebih ti Muara tadi,jamatan ieu dibangun nalika nuju jaman pamarentahan bapa Presiden Soeharto. jamatan ieu tiasa di perkirakeun luhur na sakitar +- 130m tina dasar wahangan .waktos taun 1990 han jamatan ieu di bangun kango mentaskeun jalur cai anu mimitina ti Eretan Baros,mapay sisi gunung Arca teras anu bras na ka kampung leuwi dingding kacamatan Jampang Tengah.tujuan di bangun ieu jalur cai nyaeta kanggo ngalirkeun cai ka daerah-daerah anu sesah cai,khususna kango pertanian.kusabab di eta tempat ngan ukur ngandelkeun cai nyusu.(Cai nyusu :Air sumur atau air serapan ).
Salain Jamatan Jalur,aya deui anu di sebat Jamatan Merah atanapi jamatan bantarjati,anu pernah nyaeta di Bantarjati Padabeunghar Jampang tengah.Jamatan ieu ka asup jamatan anu kawilang panjang kirang lebih panjang na  sakitar -+ 150m tiasa di tingal dina gambar.Jamatan Merah tegep pisan kango tempat nangkring saur bahasa barudak didieumah.sok di anggo barudak ngora ngarumpul ningali kaendahan sabudeureun jamatan.teras upami nalika nuju bulan puasa mah,sok di anggo tempat paranti Ngabuburit.tegep pisan lah baraya sok geura cobian ameng,kango anu teacan  kantos kaditu moal gagal,komo bari nyandak pun bojo mah deuh sok seueur ngalamun tuh upami ngemut kadinya teh baraya.


Jembatan Merah Bantarjati Padabenghar 

Seeur pisan sajarah di ieu wahangan,anu sapertos biasa di kawitan ku kakawasaan Pajajaran,seeur pisan situs-situs anu parantos kapendak di antawisna di Cimandiri girang tepatna Leuwi Lisung, Kelurahan Baros, Kecamatan Baros, Kota Sukabumi.parantos kapendak tina dasar leuwi,hiji batu anu rupa na buleud sapertos ukuran ban motor ,atanapi leuwih merenahna sapertos nyiru.( Nyiru : Alat untuk membersihkan beras dsb/alat dapur ).dina batu ieu aya tulisan pallawa ( Pallawa : Tulisan sunda kuno ) nandakeun ciri nyaeta di tempat eta kantos janten kakawasaan Karajaan Pajajaran.mantak di tatar sunda mah khusus na di sukabumi tos teu aneh upami aya anu hubungan na sareng karajaan Pajajaran.kusabab sakabeh wewengkon tatar sunda eta janten kakawasaan karajaan Pajajaran.

 Batu Prasasti Leuwi Lisung

Leuwi anu ka asup pikasieuneun  aya sababaraha hiji nyaeta di antawisna Leuwi Jurig,tempatna teu tebih ti Muara tadi.kusabab di sebat Leuwi Jurig,di ieu leuwi seeur kajantenan anu ghoib sapertos carita salah sahiji tukang lintar anu sok biasa ngala lauk.mindeng kajadian nalika nuju ngalungkeun kecrik,tapi eta kecrik teu tiasa di angkat deui sapertos aya nu ngait kana eta kecrik.anu wanian mah di teleuman ka dasar leuwi na ,tapi upami anu teu wantun mah sok ditingalkeun we kecrik na teh.teras pangalaman tukang nguseup lamun mangsa nuju sareupna atawa tengah peuting,sok kawenehan aya lauk emas badag sagede panto ngancul ka luhur cai.meni ngagurilap kasinaran ku cahaya langit peuting.lain saurang dua urang anu parantos ngalaman kajadian kitu, tapi tos seeur terutami tukang liar di wahangan.malah aya salah saurang anu nguseup,meneran useupna aya nu nyangut barang ditarik pucunghul kaluhur aya lauk Jumbo sagede dreum .harita nilon na langsung pegat ,saking ku gede na eta lauk.
Kajadian sejenna Leuwi Jurig nyaeta ujug-ujug sok aya cai muter,ciga aya liang di tengah leuwi .tapi teacan aya nu kantos ngabuktoskeun aya naon salaresna di eta dasar leuwi teh,kusabab jarang aya nu wantun neuleuman .sakali aya nu nyobian neuleuman eta jalmi susah deui  balik kaluhur cai, kantos aya anu nyobian neuleuman harita,tapi lami teu muncul deui .untung harita sanes saurang hungkul anu aya didinya teh, langsung ku babaturan na ditulungan.tidinya kapendak deui bari kaayaan teu sadar saatos sadar di taros kunaon ,teras anjeuna nyarioskeun barang dugika ka dasar leuwi,saurna suku teh asa aya nu narik ka dasar cai.tidinya anjeuna jadi aya di nagara aneh,teuaya panon poe tapi caang siga caang bulan.teras aya dua jelema anu ngagupayan make papakean karajaan sareng jarangkung,di gigireun eta dua jelema aya delman ngango kuda dua.kuda na teh bodas saurna,teras ku anjeuna disampeurkeun ,saatos kitu anjeuna di canak naek eta delman.nalika diperjalanan aya rerencangan anjeuna tea ngageroan,tah tidinya teu sadar  inget-inget tos di darat we di riung ku anu aya didinya.mantak teu aneh upami ieu wahangan sok di sebat wahangan angker pikasieuneun.
                Carita demi carita ieu ngeunaan Wahangan Cimandiri anu pinuh ku kaahĂ©ngan ( kaanĂ©han )  anu teu kaharti ku pikir teu kahontal ku akal.aya hiji carita anu atos turun tumurun ti jaman kolot baheula nyaeta rusiah hiji makhluk anu sok di sebat “Lulun Samak”.Naon eta atuh Lulun samak teh,kin atuh kang imen oge capeun keneh urang iklan heula,tos garing ieu tikoro hoyong di suguhan sasajen cain kopi susu sareng udud bodas,deuh mana teing tegepna baraya nya ,sabari ngalamun teuacan gaduh istri atos Jomblo 5 taun bade ka genep panginten ayeunamah da atos 2016.atos ah etamah urusan pribados mangga urang lajengkeun deui kana carita utama.
Lulun Samak teh nyaeta hiji makhluk anu dipikasieun ku saban jalma.jinisna sasatoan mangrupaning samak .(Lulun Samak : Gulungan Tikar )percis pisan sapertos samak anu biasa lumrah sok di anggo dadampar ku urang.janten ieu makhluk teh sok seeur di carioskeun ku kolot baheula nyaeta makhluk anu sok ngadaharan jelema.ari cicingna ieu makhluk  ayana di sabudeureun wahangan Cimandiri,ngan duka ari di palebah mana namah.Lulun samak teh saur carios mah ciri-cirina na hideung sareng leueur.ari tempat anu di pikaresep na wahangan anu lega,sanes leuwi tapi wahangan anu seeur batu ngampar .atanapi karesepna sok cicing di sisi wahangan lamun nalika teuaya jalma.kusabab naon make resep di tempat sapertos kitu,nyaeta Lulun samak teh sok moyan bari eta pangawakan na anu sapertos samak teh di amparkeun dina sisi wahangan atanapi dina wahangan anu rada deet.
Lulun Samak karesep na  megatan anu ngahaja mentas eta wahangan cimandiri.kacarioskeun lamun aya jalma mentas ka Cimandiri,teras nalika tos di tengah wahangan teu karaos katincak eta si lulun samak teh anu titadi parantos naheunan cicing didinya.maka nalika katincak,suku bakal tisoledat kusabab tadi tea lulun samak pangawakan na leueur .saatos urang tikosewad,maka bakal di gulung  ku eta makhluk dugika kabulen awak urang.saatos kitu teras tina tungtung pangawakanna bijil huluna eta makhluk,anu arek ngecrok polo eta  jalma anu digulung.sanes bade di dahar dagingna,tapi mung di serot getih na.tah sapertos kitu baraya Lulun Samak teh.
Aya deui carita Lulun Samak teh nyaeta sok resep ka Orok atanapi budak leutik.dina jaman baheula seueur jalmi anu ka cai teh ka wahangan ,sapertos anu bade nyeseuhan atanapi ibak jeng sajabana.dina hiji mangsa aya anu nyanak Orok atanapi Barudak leutik,anu keur arulin mandi di wahanga. nalika indungna nuju nyeusuhan saparantos beres teh ,ningali anak na tos teuaya leungit duka kamana,tah sok kacarioskeun eta budak teh di gulung ku Lulun Samak.
Sapalih carios kantos aya anu pernah maehan ieu makhluk,nyaeta ku cara di tumbak .namung sanes ku satumbak-tumbakna,tapi ngango tumbak Awi Haur koneng.kusabab eta patalukan nateh,ditubres bagian tengah sahingga eta makhluk ngagulung ku sorangan nu akhirna paeh.
Lulun Samak dugika ayeuna masih janten carita rusiah anu teu puguh laratan na. teacan kanyahoan timana  asal muasal na eta makhluk.sapalih sok aya anu nyarioskeun eta makhluk teh ghoib, janten sabangsaning makhluk ghoib anu ngajirim janten Lulun Samak.tapi carita eta masih kuat dugika ayeuna,sareng di pikasieun ku saban wargi anu terang kana carita eta . Sareng anu Nami na Lulun Samak carita na mung aya di wahangan cimandiri hungkul.
Masih seeur carita-carita sejena ngeunaan ieu Wahangan Cimandiri.kin urang pedar deui dina waktos kapayun,kusabab simkuring kedah kukurubutan heula ka leuweung milari  sajarah sareng patilasan kapungkur.ayeunamah urang pungkas sakitu Carita Mistis Wengi Jumat dina danget ieu ,Insyaalloh di lajeng deui dina carita sejen episode salajengna dina wengi jumat payun.Hatur nuhun kasadayana .
Wassalam.
Salam ti urang Sukabumi
 Create by Risman imengothic
 
Kango anu hoyong update carita Mistis wengi Jumat mangga tiasa gabung di group
CANDARIA BARAYA URANG SUNDA
Atanapi di facebook


Sumber :
Komunitas Tukang Moro Cigati
Carita masyarakat sekitar
Pikiran Rakyat
Bukti peninggalan yang telah di temukan
Silahkan untuk di share
Dilarang copas tanpa seijin saya




               
               

2 komentar:

  1. sekarang mah mitos lulun samak teh sudah perlahan pudar kang

    maka saya ampe buat video tentang lulun samak
    https://www.youtube.com/watch?v=Cxc14hCrGyA&t=2s

    BalasHapus