Kamis, 21 April 2016

On 02.30 by imengothic   2 comments


CARITA MISTIS WENGI JUMAT
SAJARAH TATAR SUNDA
SASAKALA WAHANGAN CIMANDIRI & LULUN SAMAK

Assalamualaikum

Baraya patepang deui sareng simkuring Risman imengothic alias kang imen dina Carita “MISTIS WENGI JUMAT”.anu dina danget ieu atanapi episode ayeuna,simkuring  bade medar carita dina judul “Sasakala Wahangan Cimandiri & Lulun Samak”.Baraya pasti kantos  ngadangu atanapi teuacan aya anu terang  dimana eta ayana Wahangan Cimandiri,sareng naon anu di sebat Lulun Samak?
Mangga urang  kawitan.
Wahangan Cimandiri nyaeta salah sahiji wahangan anu kaasup wahangan gede di Indonesia.pernah na di Sukabumi Jawa barat.Wahangan ieu kumpulan ti sababaraha wahangan lain di sukabumi,di antawisna  wahangan Citalahab,Cicadas,Cipelang sareng nu lainna.Anu jadi sirah cai (Sirah Cai :mata air pertama sungai ) wahangan ieu nyaeta anu ka asup tilu wahangan tadi,salah sahiji na wahangan Citalahab/Cicadas,anu sirah cai na di Bibijilan guha Siluman kp Lebak Nangka kacamatan nyalindung.Teras deui anu  sirah Cai na ti wewengkon  Sukaraja ,sareng masih seeur anu lainna.

Garehong Cimandiri
                Asal usul kunaon aya wahangan Cimandiri,nyaeta kusabab di jieun ku Erupsi Gunung sareng ku kaayaan Alamiah.mungguh Alloh kawasa anu tiasa nyiptakeun dunya sareng pangisi na.“Kun Fayakun” maka janten.Wahangan Cimandiri  saban waktu cai na tetep kiruh ,teacan pernah ningali anu nami na wahangan cimandiri cai na herang.sareng unggal leuwi  di ieu wahangan ukuran na jarero,tiasa di perkirakeun kana +- 3m tiap leuwi na.komo aya nu leuwih jero ti ukuran eta.Wahangan ieu panjang na kirang langkung kana 300 kilometer,anu tungtungna wahangan ieu nyaeta di Laut Palabuan Ratu. Maka Tos tekedah di caturkeun deui upami sasatoan anu hirup di ieu wahangan Cimandiri khususna anu hirup dina cai ,pasti seeur sareng rupi-rupi jinisna.makana sok di anggo tempat Ngala lauk ,sapertos anu Lintar sareng tempat  sae pisan kango anu resep nguseup.
Salain tempat ngala lauk, ieu wahangan tegep pisan kango anu resep olahraga Arum jeram.kusabab cai na tarik sareng wahangan na deuih kawilang ageung.Di wahangan Cimandiri ieu aya tempat anu matak kapincut pikaresepeun pisan, nyaeta anu disebat “Muara”.Muara anu hartos na paamprokna dua wahangan janten hiji wahangan.nyaeta di antawisna wahangan Cicadas Citalahab,teras wahangan Cipelang sareng Cimandiri.Muara ieu pernah na di dua kacamatan nyaeta Di palih girangeun kampung Garehong  Sirnaresmi kacamatan Gunungguruh ,teras di lebakeun kp Cijolang Wangun reja kacamatan nyalindung.Tepat na Pengkereun Pabrik Semen SCG.
Tempat anu matak kapincut  pikaresepeun lainna sapertos Jamatan jalur ,anu pernah na teu tebih ti Muara tadi,jamatan ieu dibangun nalika nuju jaman pamarentahan bapa Presiden Soeharto. jamatan ieu tiasa di perkirakeun luhur na sakitar +- 130m tina dasar wahangan .waktos taun 1990 han jamatan ieu di bangun kango mentaskeun jalur cai anu mimitina ti Eretan Baros,mapay sisi gunung Arca teras anu bras na ka kampung leuwi dingding kacamatan Jampang Tengah.tujuan di bangun ieu jalur cai nyaeta kanggo ngalirkeun cai ka daerah-daerah anu sesah cai,khususna kango pertanian.kusabab di eta tempat ngan ukur ngandelkeun cai nyusu.(Cai nyusu :Air sumur atau air serapan ).
Salain Jamatan Jalur,aya deui anu di sebat Jamatan Merah atanapi jamatan bantarjati,anu pernah nyaeta di Bantarjati Padabeunghar Jampang tengah.Jamatan ieu ka asup jamatan anu kawilang panjang kirang lebih panjang na  sakitar -+ 150m tiasa di tingal dina gambar.Jamatan Merah tegep pisan kango tempat nangkring saur bahasa barudak didieumah.sok di anggo barudak ngora ngarumpul ningali kaendahan sabudeureun jamatan.teras upami nalika nuju bulan puasa mah,sok di anggo tempat paranti Ngabuburit.tegep pisan lah baraya sok geura cobian ameng,kango anu teacan  kantos kaditu moal gagal,komo bari nyandak pun bojo mah deuh sok seueur ngalamun tuh upami ngemut kadinya teh baraya.


Jembatan Merah Bantarjati Padabenghar 

Seeur pisan sajarah di ieu wahangan,anu sapertos biasa di kawitan ku kakawasaan Pajajaran,seeur pisan situs-situs anu parantos kapendak di antawisna di Cimandiri girang tepatna Leuwi Lisung, Kelurahan Baros, Kecamatan Baros, Kota Sukabumi.parantos kapendak tina dasar leuwi,hiji batu anu rupa na buleud sapertos ukuran ban motor ,atanapi leuwih merenahna sapertos nyiru.( Nyiru : Alat untuk membersihkan beras dsb/alat dapur ).dina batu ieu aya tulisan pallawa ( Pallawa : Tulisan sunda kuno ) nandakeun ciri nyaeta di tempat eta kantos janten kakawasaan Karajaan Pajajaran.mantak di tatar sunda mah khusus na di sukabumi tos teu aneh upami aya anu hubungan na sareng karajaan Pajajaran.kusabab sakabeh wewengkon tatar sunda eta janten kakawasaan karajaan Pajajaran.

 Batu Prasasti Leuwi Lisung

Leuwi anu ka asup pikasieuneun  aya sababaraha hiji nyaeta di antawisna Leuwi Jurig,tempatna teu tebih ti Muara tadi.kusabab di sebat Leuwi Jurig,di ieu leuwi seeur kajantenan anu ghoib sapertos carita salah sahiji tukang lintar anu sok biasa ngala lauk.mindeng kajadian nalika nuju ngalungkeun kecrik,tapi eta kecrik teu tiasa di angkat deui sapertos aya nu ngait kana eta kecrik.anu wanian mah di teleuman ka dasar leuwi na ,tapi upami anu teu wantun mah sok ditingalkeun we kecrik na teh.teras pangalaman tukang nguseup lamun mangsa nuju sareupna atawa tengah peuting,sok kawenehan aya lauk emas badag sagede panto ngancul ka luhur cai.meni ngagurilap kasinaran ku cahaya langit peuting.lain saurang dua urang anu parantos ngalaman kajadian kitu, tapi tos seeur terutami tukang liar di wahangan.malah aya salah saurang anu nguseup,meneran useupna aya nu nyangut barang ditarik pucunghul kaluhur aya lauk Jumbo sagede dreum .harita nilon na langsung pegat ,saking ku gede na eta lauk.
Kajadian sejenna Leuwi Jurig nyaeta ujug-ujug sok aya cai muter,ciga aya liang di tengah leuwi .tapi teacan aya nu kantos ngabuktoskeun aya naon salaresna di eta dasar leuwi teh,kusabab jarang aya nu wantun neuleuman .sakali aya nu nyobian neuleuman eta jalmi susah deui  balik kaluhur cai, kantos aya anu nyobian neuleuman harita,tapi lami teu muncul deui .untung harita sanes saurang hungkul anu aya didinya teh, langsung ku babaturan na ditulungan.tidinya kapendak deui bari kaayaan teu sadar saatos sadar di taros kunaon ,teras anjeuna nyarioskeun barang dugika ka dasar leuwi,saurna suku teh asa aya nu narik ka dasar cai.tidinya anjeuna jadi aya di nagara aneh,teuaya panon poe tapi caang siga caang bulan.teras aya dua jelema anu ngagupayan make papakean karajaan sareng jarangkung,di gigireun eta dua jelema aya delman ngango kuda dua.kuda na teh bodas saurna,teras ku anjeuna disampeurkeun ,saatos kitu anjeuna di canak naek eta delman.nalika diperjalanan aya rerencangan anjeuna tea ngageroan,tah tidinya teu sadar  inget-inget tos di darat we di riung ku anu aya didinya.mantak teu aneh upami ieu wahangan sok di sebat wahangan angker pikasieuneun.
                Carita demi carita ieu ngeunaan Wahangan Cimandiri anu pinuh ku kaahĂ©ngan ( kaanĂ©han )  anu teu kaharti ku pikir teu kahontal ku akal.aya hiji carita anu atos turun tumurun ti jaman kolot baheula nyaeta rusiah hiji makhluk anu sok di sebat “Lulun Samak”.Naon eta atuh Lulun samak teh,kin atuh kang imen oge capeun keneh urang iklan heula,tos garing ieu tikoro hoyong di suguhan sasajen cain kopi susu sareng udud bodas,deuh mana teing tegepna baraya nya ,sabari ngalamun teuacan gaduh istri atos Jomblo 5 taun bade ka genep panginten ayeunamah da atos 2016.atos ah etamah urusan pribados mangga urang lajengkeun deui kana carita utama.
Lulun Samak teh nyaeta hiji makhluk anu dipikasieun ku saban jalma.jinisna sasatoan mangrupaning samak .(Lulun Samak : Gulungan Tikar )percis pisan sapertos samak anu biasa lumrah sok di anggo dadampar ku urang.janten ieu makhluk teh sok seeur di carioskeun ku kolot baheula nyaeta makhluk anu sok ngadaharan jelema.ari cicingna ieu makhluk  ayana di sabudeureun wahangan Cimandiri,ngan duka ari di palebah mana namah.Lulun samak teh saur carios mah ciri-cirina na hideung sareng leueur.ari tempat anu di pikaresep na wahangan anu lega,sanes leuwi tapi wahangan anu seeur batu ngampar .atanapi karesepna sok cicing di sisi wahangan lamun nalika teuaya jalma.kusabab naon make resep di tempat sapertos kitu,nyaeta Lulun samak teh sok moyan bari eta pangawakan na anu sapertos samak teh di amparkeun dina sisi wahangan atanapi dina wahangan anu rada deet.
Lulun Samak karesep na  megatan anu ngahaja mentas eta wahangan cimandiri.kacarioskeun lamun aya jalma mentas ka Cimandiri,teras nalika tos di tengah wahangan teu karaos katincak eta si lulun samak teh anu titadi parantos naheunan cicing didinya.maka nalika katincak,suku bakal tisoledat kusabab tadi tea lulun samak pangawakan na leueur .saatos urang tikosewad,maka bakal di gulung  ku eta makhluk dugika kabulen awak urang.saatos kitu teras tina tungtung pangawakanna bijil huluna eta makhluk,anu arek ngecrok polo eta  jalma anu digulung.sanes bade di dahar dagingna,tapi mung di serot getih na.tah sapertos kitu baraya Lulun Samak teh.
Aya deui carita Lulun Samak teh nyaeta sok resep ka Orok atanapi budak leutik.dina jaman baheula seueur jalmi anu ka cai teh ka wahangan ,sapertos anu bade nyeseuhan atanapi ibak jeng sajabana.dina hiji mangsa aya anu nyanak Orok atanapi Barudak leutik,anu keur arulin mandi di wahanga. nalika indungna nuju nyeusuhan saparantos beres teh ,ningali anak na tos teuaya leungit duka kamana,tah sok kacarioskeun eta budak teh di gulung ku Lulun Samak.
Sapalih carios kantos aya anu pernah maehan ieu makhluk,nyaeta ku cara di tumbak .namung sanes ku satumbak-tumbakna,tapi ngango tumbak Awi Haur koneng.kusabab eta patalukan nateh,ditubres bagian tengah sahingga eta makhluk ngagulung ku sorangan nu akhirna paeh.
Lulun Samak dugika ayeuna masih janten carita rusiah anu teu puguh laratan na. teacan kanyahoan timana  asal muasal na eta makhluk.sapalih sok aya anu nyarioskeun eta makhluk teh ghoib, janten sabangsaning makhluk ghoib anu ngajirim janten Lulun Samak.tapi carita eta masih kuat dugika ayeuna,sareng di pikasieun ku saban wargi anu terang kana carita eta . Sareng anu Nami na Lulun Samak carita na mung aya di wahangan cimandiri hungkul.
Masih seeur carita-carita sejena ngeunaan ieu Wahangan Cimandiri.kin urang pedar deui dina waktos kapayun,kusabab simkuring kedah kukurubutan heula ka leuweung milari  sajarah sareng patilasan kapungkur.ayeunamah urang pungkas sakitu Carita Mistis Wengi Jumat dina danget ieu ,Insyaalloh di lajeng deui dina carita sejen episode salajengna dina wengi jumat payun.Hatur nuhun kasadayana .
Wassalam.
Salam ti urang Sukabumi
 Create by Risman imengothic
 
Kango anu hoyong update carita Mistis wengi Jumat mangga tiasa gabung di group
CANDARIA BARAYA URANG SUNDA
Atanapi di facebook


Sumber :
Komunitas Tukang Moro Cigati
Carita masyarakat sekitar
Pikiran Rakyat
Bukti peninggalan yang telah di temukan
Silahkan untuk di share
Dilarang copas tanpa seijin saya




               
               

Jumat, 15 April 2016

On 20.53 by imengothic   No comments
SAJARAH TATAR SUNDA
SASAKALA GUNUNG ARCA


Assalamualaikum
Baraya patepang deui sareng simkuring Risman imengothic alias kang imen dina Carita “MISTIS WENGI JUMAT”.anu dina danget ieu atanapi episode ayeuna,simkuring  bade medar carita dina judul “Sasakala Gunung Arca”.Baraya pasti kantos  ngadangu atanapi teuacan aya anu terang  dimana eta ayana Gunung Arca.Mangga urang  kawitan.
Ari anu nama na gunung Arca nyaeta pernah na au kaasup ka sababaraha  wewengkon di antawisna Wangunreja , Sukamaju,Caringin,kecamatan Nyalindung kabupaten Sukabumi.Sabudeureun gunung Arca di apit ku dua wahangan ageung nyaeta Wahangan Cimandiri sareng wahangan Cicadas-Citalahab.Wahangan Cimandiri nyaeta anu janten batas kota kabupaten Sukabumi,upami wahangan Cicadas  Citalahab pernah na di Sukamaju.


Pasti baraya aya anu parantos ngadangu anu nami na  gunung Arca.ieu gunung sanes gunung anu kasebat gunung ageung,tapi di ieu gunung seeur sajarah anu teuacan kapaluruh .kunaon make disebat gunung arca,mangga urang pedar carita na.
Gunung Arca kapungkurna nyaeta salah sahiji tempat anu jarang pisan kasorang ku manusa.Jadi ieu gunung teh angker pisan sareng pikasieneun.kusabab di sebat gunung Arca nyaeta kacarioskeun di ieu gunung seeur Arca, panginten patilasan karajaan anu kapungkur ngageugeuh di wewengkon ieu,sapalih carios aya nu nyebat nyaeta paninggalan karajaan Pajajaran.tapi memang tiasa di kaitkeun nyaeta kasaluruhan sabudereun tatar sunda khusus di sukabumi, parantos janten kakawasaan karajaan Padjajaran.tiasa dibuktoskeun dina  patilasan-patilasan na anu parantos kapendak malah  sapalih seeur pisan anu parantos di musiumkeun di Badan Purbakala.Salah sahiji na nyaeta Arca anu kapendak dina taun 1980.namung eta Arca ayeuna di simpen di Musium Belanda.sareng deui  seeur oge anu teuacan kapendak di ieu gunung.
Gunung Arca dugika ayeuna  masih janten pertarosan asal usulna kusabab beja ngeunaan beja sareng carita teuacan aya buktos anu pasti ngeunaan kaayaan ieu gunung.tapi carita anu parantos pada terang nyaeta di ieu gunung teh saurna seeur pisan Arca anu ka kubur ,mangka na kunaon make disebat gunung arca teh nyaeta seueur anu parantos mendakan Arca atanapi kawenehan Ningali Arca tapi dadak sakala sok ngaleungit deui eta Arca teh.makana disebat gunung  angker sareng pikasieuneun.dugika danget ayeuna simkuring oge teuacan aya buktos nu pasti ngeunaan eta kaayaan Arca eta.

Sapalih masyarakat aya anu kantos mendakan eta salah sahiji Arca,tapi ayeuna anu mendakan eta Arca teh seseeur na sepuh baheula anu parantos tilar dunya.sababaraha buktos anu parantos kanyahoan ku simkuring nyaeta di ieu gunung seeur pisan  batu anu di entepkeun sapertos anu nandakeun salah sahiji ciri,ayanu nyebat eta teh tilas kuburan Gorombolan  ( Gorombolan : kumpulan kelompok bersenjata di pasca kemerdekaan ),aya oge anu  nyebat eta patilasan karajaan anu tos teu ka urus janten tos teu merenah deui  acak-acakan , ciri batu-batu anu paling seueurna  tiasa di tingal di gunung Arca palih wetan anu bade ka Arah Baros .
Arca yang ditemukan di Gunung Arca Baros Tahun 1890 kini tersimpan di Instituut Kern Leiden Belanda
Dugika jaman Panjajahan ti saprak carita masa Karajaan Pajajaran,ieu gunung parantos di sorang ku bangsa deungeun ,khususna bangsa Walanda ( Era Penjajahan Belanda ).Kaparios tina paninggalan na seeur pisan di antawis na tugu ,patok ( Patok : batas tanah milik).Sareng di gunung ieu aya tempat anu disebat “Puncak Loceng” ,Atanapi sok di sebat oge“Totoongan”,.Naon eta hartos na,pasti anu teuacan terang mah panasaran .Puncak loceng atanapi Totoongan teh nyaeta hiji tempat anu kapungkur  dina waktos jaman panjajahan  sering di anggo ku pajoang urang kango nalingakeun musuh,kusabab ieu tempat pernah na di puncak gunung Arca jadi hampir sabudeureun wewengkon Sukabumi tiasa katingal sadayana ti Puncak loceng atanapi Totoongan ieu.jadi ku pajoang-pajoang kapungkur  ieu tempat di anggo tempat khusus kango nalingakeun musuh anu bade nyerang ka wilayahna.makana disebat Totoongan teh nyaeta tempat  anu cocok kango nalingakeun sabudereun eta wewengkon.
Puncak loceng atanapi Totoongan  ku jaman ayeunamah sering di anggo tempat wisata gratis,kusabab urang tiasa foto-foto ,camping,sareng tiasa ngaraoskeun angin anu masih seger,moal eleh ku tempat wisata anu sejen na.anu lewih utama na nyaeta tiasa ningal hampir sabudeureun kota sareng kabupaten sukabumi.
Baraya mung sakitu hela carita Gunung Arca kusabab masih teuacan rengse kin urang pajeng deui dina episode salajengna ,masih seeur buktos-buktos anu teuacan kapendak .Simkuring  masih milari informasi ngeunaan ieu gunung.
Ieu oge rada telat yeuh jam tayang na hatur punten ka sadayana.Update terus carita mistis wengi jumat ti simkuring sapertos biasa tabuh 19:00 WIB
INFO UPDATE Carita Mistis Wengi Jumat tiasa di tingal di Facebook/website simkuring.bilih teuacan aya nu terang atanapi bilih hoyong ningal carita sejen na .sadayana lengkep di Facebook/website simkuring.Hatur nuhun
Wassalam
Salam ti urang Sukabumi
Create by Risman imengothic
Silahkan untuk di Share
Hatur Nuhun

Sumber :
Komunitas Tukang Moro Cigati
Carita masyarakat sekitar
Bukti peninggalan yang telah di temukan
http://rismanimengothic.blogspot.com
http://www.rismanimengothic.com

Selasa, 12 April 2016

On 10.21 by imengothic   1 comment
CARITA WENGI JUM,AT
SASAKALA GUNUNG GUHA

Assalamualaikum
Baraya patepang deui sareng sumkuring Risman imengothic dina Carita “MISTIS WENGI JUMAT”.anu dina danget ieu atanapi episode ayeuna,simkuring  bade medar carita dina judul “Sasakala Gunung Guha”.Baraya pasti kantos  ngadangu atanapi teuacan aya anu terang  dimana eta ayana Gunung Guha.Mangga urang  kawitan.
Anu di sebat Gunung Guha  nyaeta aya na di tilu kacamatan.Di antawisna Kacamatan Nyalindung tepatna Desa Sukamaju,Kacamatan Gunungguruh Desa Sirnaresmi,Sareng kacamatan Jampang tengah Desa Tanjungsari kabupaten Sukabumi  Jawa barat.Anu ayeuna kalaresan parantos di peser ku Perusahaan . panginten  Baraya anu lokasi na caket pasti atos pada terang.
Gunung Guha
Sajarah kunaon make di sebat gunung Guha nyaeta  kusabab di ieu Gunung Seeur Batu karang anu ngajantenkeun liang arageung ku alatan Proses  Alamiyah .Makana di sebat Gunung Guha.Ieu gunung kawilang salah sahiji gunung anu atos kacarioskeun Angker.kusabab di satiap eta wewengkon gunung pasti bakal mendakan Guha ,sareng sanes guha anu aralit deui tapi arageung ,sareng jarang pisan jalma anu wani nyorang ka eta  lebet guha na.nya paling aya salah sahiji anu kantos nyobian ,sapertos kasepuhan  ti kampung Cigati ( masih caket ka gunung ) anu ayeuna kalaresan parantos pupus.


Carita demi carita ngeunaan eta gunung menurut kasepuhan tea nyaeta , ti jaman eta mimiti karajaan Pajajaran Prabu Siliwangi  wewengkon ieu parantos  janten bagian karajaan Padjajaran.Sahingga  aya Salah sahiji raja anu ngadumuk di ieu patempatan  jenengana na Prabu Setra Kawasa ,Anjeuna salah sahiji Saderek  Prabu Siliwangi ,Kacarioskeun Prabu Setra Kawasa teh sering pisan  dongkap ka wewengkon ieu gunung , di antawisna tempat anu ku anjeuna di pikaresep nyaeta di sebat “Paniisan” ( Tempat istirahat ) .
Paniisan eta nyaeta mangrupaning batu ageung sakitar ukuran 3 kalieun kandaraan Bus Parawisata .anu pernah na di Kp Cigati Desa Sukamaju Kecamatan Nyalindung .Batu eta di kurilingan ku tangkal Caringin anu iuh matak tiis sareng betah katingal na.dugika ayeuna eta batu masih aya keneh patilasan na,tapi jarang aya jalmi anu ngulampreng kadinya kusabab tos pada tarerang tempat eta teu kenging aya nu ngaganggu .malahan kantos aya anu kawenehan ningali wujud jalmi anu ngango jubah bodas nuju nangtung dina eta luhureun  batu .makana tara aya nu wantun ngaganggu eta patempatan.
Dugika jaman Panjajahan ti saprak carita masa Karajaan Pajajaran,ieu gunung parantos di sorang ku bangsa deungeun ,khususna bangsa Walanda ( Era Penjajahan Belanda ).Kaparios tina paninggalan na seeur pisan di antawis na tugu ,patok ( Patok : batas tanah milik ).salah sahiji na nyaeta anu di sebat ”Pilar”.Pilar nyaeta  paninggalan Walanda Mangrupa Tugu panjang  sakitar panjang 2 meter  Upami bentuk na  nyaeta segitiga persegi.tah tidinya dugika ayeuna di janteunkeun nami  kampung anu katelah kampung Pilar.sanes eta hungkul paninggalan jaman walanda harita, tapi seeur sapertos bom aktiv ,sanjata,Harta Timbunan ( Harta karun ) Acis timbunan dina lebet taneuh,surat dokumen penting  sareng barang-barang laina .kabuktos kamari ka gali waktos nuju ngabuka eta gunung ku Perusahaan.Malahan aya 2 Arca sajodo kapendak didinya anu di duga paninggalan karajaan Pajajaran tea.
Dina tahun 1960 kadieu saatos jaman kamerdekaan Republik Indonesia,gunung Guha kantos di anggo panyumputan Gorombolan ( Gorombolan : kumpulan kelompok bersenjata di pasca kemerdekaan ).Gorombolan anu sok ngaranjah ka lembur maokan harta banda rahayat,di pikasieun ku urang lembur .maranehna asok maksa ka rahayat sapertos tadi tea nyandakan pangaboga rakyat ,kadang nyandak paksa budak parawan anu engke bade di kawin  atanapi ngan saukur nedunan hawa nafsu maranehna. tah  Gorombolan eta teh tempat panyumputan na di antawisna nyaeta di gunung Guha.kusabab  seeur Guha janten eta mangrupakeun tempat anu hade di anggo tempat panyumputan .tapi Gorombolan etateh akhirna tiasa di burak barik ku anggota Tentara Republik Indonesia .saatos tidinya mah rahayat aman tina gangguan kumpulan Gorombolan.
Gunung  Guha masih aya kaitan na sareng daerah Lebak Nangka Nyalindung pasti baraya sapalih parantos terang anu nami na Guha Siluman atanapi Guha Ci Picung Bibijilan.anu tos kasohor salah sahiji tempat wisata di Sukabumi .dimana di eta gunung kasebat aya  salapan guha anu kawilang ageung ,di antawis na Guha Cipicung anu tos sering di sorang .Guha Cipicung anu panjang na sakitar +- 5 km,salaresna dilebetna seuur pisan lawang anu teuacan kanyahoan bras na kamana.maka aya salah sahiji carios eta lawang guha teh  masih aya hubungana tembus  dugika Gunung guha.pokonamah tiasa di buktoskeun bahwa lares  di Gunung Guha teh seeur Pisan liang Guha anu teacan kanyahoan tungtungna panginten aya anu nyambung sareng aya oge anu buntu.
Menurut sabagian masyarakat anu parantos asup ka salah sahiji guha ,mimiti namah liang na alit nyelepet,tapi saparantos kalebet janten ngabentuk rohangan ageung bungblong kaditu kadieu ,tah tidinya jalmi anu nyobian arasup teuaya anu wantun neraskeun malah kalah baralik deui da sieun saurna. Sareng deui seeur sato anu garalak sapertos oray ,Meong sareng sajabana.
Kakocapkeun waktos tahun 1970,menurut masyarakat anu resep Moro ( berburu hewan liar ) kapungkur kantos moro ka eta gunung .tadi namah biasa we bade moro bagong kitu ,nalika kitu kalaresan aya Meong  anu kacida ageungna ,kinten-kinten saageung anak munding keme.harita diboro ku Tukang Moro,pami ayeunamah panginten disebatna Komunitas Tukang Moro.tempat na nyaeta di Gunung Guha palih kulon caket kampung Rawa Seel .eta tempat di sebat na Janela ( karang bodas mangrupa bentuk janela ).
Tempat etateh kawilang angker jarang atuh aya anu nyorang kadinya .tah eta Meong teh lumpatna kadinya pernah na aya hiji guha handapeun Janela . tukang moro atos taak ( bingung) kumaha cara na meunangkeun eta Sato.di bedil teu neurak ,di tumbak komo deui ,sangkilang eta bedil na tina jenis Patrom ( Senjata amunisi laras panjang ). anu akhirna eta meong asup kana guha ,tukang moro neangan akal tidinya di tikung ku sararaea eta liang guha teh ,ari pek katingal eta meong nyelap dina selepet karang,ku salah sahiji tukang moro di gebahkeun ti palih tukang .barang eta meong ka hareup maju teu antaparah di kadek ku  bedog ku salah saurang Tukang Moro anu tos siap dina tempat na.Gaclek… ngeunaan pisan kana bagian beuheung na eta meong.Gauuurr ,,harita sora meong ngagaur tarik pisan , da eta sora meong  dina waktos harita keueung sareng ketir ngagauur na ,saur tukang moro anu aya didinya waktos harita da bumi teh asa eundeur ,dangdaunan aroyag nalika eta meong ngaleupaskeun nyawa .tidinya mah beunang eta sato teh.
Sareng deui seeur kajantenan sejen na di eta wewengkon gunung teh sapertos kamari waktos penggalian , aya orang luar anu kawenehan ningali oray saageung drum anu meulit dina tangkal Randu Ageung,ukuran tangkal  sakitar  4 ukuran drum .eta Si Oray teh  calangap hulu na rek macok kana alat berat anu di anggo ngagali , sarombongan orang luar uih deui ka nagara na saatos ningal kajantenan kitu.
 Dugika ayeuna eta tangkal Randu masih aya  sareng teuaya nu wantun nuar atanapi ngaganggu.teras upami wengi sok sering kadangu sora meong di sabudereun eta tempat.
Masih seeur carita-carita sejen na anu aya hubungan na sareng Gunung Guha ayeunamah urang pungkas sakitu Carita Mistis Wengi Jumat dina danget ieu ,Insyaalloh di lajeng deui dina episode salajengna dina wengi jumat payun.Hatur nuhun kasadayana .
Wassalam
Salam ti urang Sukabumi
Create by Risman imengothic
Silahkan untuk di Share
Dilarang copas tanpa seijin saya

Sumber :
Komunitas Tukang Moro Cigati
Carita masyarakat sekitar
Bukti peninggalan yang telah di temukan
http://rismanimengothic.blogspot.com
http://www.rismanimengothic.com