Selasa, 12 April 2016

On 10.21 by imengothic   1 comment
CARITA WENGI JUM,AT
SASAKALA GUNUNG GUHA

Assalamualaikum
Baraya patepang deui sareng sumkuring Risman imengothic dina Carita “MISTIS WENGI JUMAT”.anu dina danget ieu atanapi episode ayeuna,simkuring  bade medar carita dina judul “Sasakala Gunung Guha”.Baraya pasti kantos  ngadangu atanapi teuacan aya anu terang  dimana eta ayana Gunung Guha.Mangga urang  kawitan.
Anu di sebat Gunung Guha  nyaeta aya na di tilu kacamatan.Di antawisna Kacamatan Nyalindung tepatna Desa Sukamaju,Kacamatan Gunungguruh Desa Sirnaresmi,Sareng kacamatan Jampang tengah Desa Tanjungsari kabupaten Sukabumi  Jawa barat.Anu ayeuna kalaresan parantos di peser ku Perusahaan . panginten  Baraya anu lokasi na caket pasti atos pada terang.
Gunung Guha
Sajarah kunaon make di sebat gunung Guha nyaeta  kusabab di ieu Gunung Seeur Batu karang anu ngajantenkeun liang arageung ku alatan Proses  Alamiyah .Makana di sebat Gunung Guha.Ieu gunung kawilang salah sahiji gunung anu atos kacarioskeun Angker.kusabab di satiap eta wewengkon gunung pasti bakal mendakan Guha ,sareng sanes guha anu aralit deui tapi arageung ,sareng jarang pisan jalma anu wani nyorang ka eta  lebet guha na.nya paling aya salah sahiji anu kantos nyobian ,sapertos kasepuhan  ti kampung Cigati ( masih caket ka gunung ) anu ayeuna kalaresan parantos pupus.


Carita demi carita ngeunaan eta gunung menurut kasepuhan tea nyaeta , ti jaman eta mimiti karajaan Pajajaran Prabu Siliwangi  wewengkon ieu parantos  janten bagian karajaan Padjajaran.Sahingga  aya Salah sahiji raja anu ngadumuk di ieu patempatan  jenengana na Prabu Setra Kawasa ,Anjeuna salah sahiji Saderek  Prabu Siliwangi ,Kacarioskeun Prabu Setra Kawasa teh sering pisan  dongkap ka wewengkon ieu gunung , di antawisna tempat anu ku anjeuna di pikaresep nyaeta di sebat “Paniisan” ( Tempat istirahat ) .
Paniisan eta nyaeta mangrupaning batu ageung sakitar ukuran 3 kalieun kandaraan Bus Parawisata .anu pernah na di Kp Cigati Desa Sukamaju Kecamatan Nyalindung .Batu eta di kurilingan ku tangkal Caringin anu iuh matak tiis sareng betah katingal na.dugika ayeuna eta batu masih aya keneh patilasan na,tapi jarang aya jalmi anu ngulampreng kadinya kusabab tos pada tarerang tempat eta teu kenging aya nu ngaganggu .malahan kantos aya anu kawenehan ningali wujud jalmi anu ngango jubah bodas nuju nangtung dina eta luhureun  batu .makana tara aya nu wantun ngaganggu eta patempatan.
Dugika jaman Panjajahan ti saprak carita masa Karajaan Pajajaran,ieu gunung parantos di sorang ku bangsa deungeun ,khususna bangsa Walanda ( Era Penjajahan Belanda ).Kaparios tina paninggalan na seeur pisan di antawis na tugu ,patok ( Patok : batas tanah milik ).salah sahiji na nyaeta anu di sebat ”Pilar”.Pilar nyaeta  paninggalan Walanda Mangrupa Tugu panjang  sakitar panjang 2 meter  Upami bentuk na  nyaeta segitiga persegi.tah tidinya dugika ayeuna di janteunkeun nami  kampung anu katelah kampung Pilar.sanes eta hungkul paninggalan jaman walanda harita, tapi seeur sapertos bom aktiv ,sanjata,Harta Timbunan ( Harta karun ) Acis timbunan dina lebet taneuh,surat dokumen penting  sareng barang-barang laina .kabuktos kamari ka gali waktos nuju ngabuka eta gunung ku Perusahaan.Malahan aya 2 Arca sajodo kapendak didinya anu di duga paninggalan karajaan Pajajaran tea.
Dina tahun 1960 kadieu saatos jaman kamerdekaan Republik Indonesia,gunung Guha kantos di anggo panyumputan Gorombolan ( Gorombolan : kumpulan kelompok bersenjata di pasca kemerdekaan ).Gorombolan anu sok ngaranjah ka lembur maokan harta banda rahayat,di pikasieun ku urang lembur .maranehna asok maksa ka rahayat sapertos tadi tea nyandakan pangaboga rakyat ,kadang nyandak paksa budak parawan anu engke bade di kawin  atanapi ngan saukur nedunan hawa nafsu maranehna. tah  Gorombolan eta teh tempat panyumputan na di antawisna nyaeta di gunung Guha.kusabab  seeur Guha janten eta mangrupakeun tempat anu hade di anggo tempat panyumputan .tapi Gorombolan etateh akhirna tiasa di burak barik ku anggota Tentara Republik Indonesia .saatos tidinya mah rahayat aman tina gangguan kumpulan Gorombolan.
Gunung  Guha masih aya kaitan na sareng daerah Lebak Nangka Nyalindung pasti baraya sapalih parantos terang anu nami na Guha Siluman atanapi Guha Ci Picung Bibijilan.anu tos kasohor salah sahiji tempat wisata di Sukabumi .dimana di eta gunung kasebat aya  salapan guha anu kawilang ageung ,di antawis na Guha Cipicung anu tos sering di sorang .Guha Cipicung anu panjang na sakitar +- 5 km,salaresna dilebetna seuur pisan lawang anu teuacan kanyahoan bras na kamana.maka aya salah sahiji carios eta lawang guha teh  masih aya hubungana tembus  dugika Gunung guha.pokonamah tiasa di buktoskeun bahwa lares  di Gunung Guha teh seeur Pisan liang Guha anu teacan kanyahoan tungtungna panginten aya anu nyambung sareng aya oge anu buntu.
Menurut sabagian masyarakat anu parantos asup ka salah sahiji guha ,mimiti namah liang na alit nyelepet,tapi saparantos kalebet janten ngabentuk rohangan ageung bungblong kaditu kadieu ,tah tidinya jalmi anu nyobian arasup teuaya anu wantun neraskeun malah kalah baralik deui da sieun saurna. Sareng deui seeur sato anu garalak sapertos oray ,Meong sareng sajabana.
Kakocapkeun waktos tahun 1970,menurut masyarakat anu resep Moro ( berburu hewan liar ) kapungkur kantos moro ka eta gunung .tadi namah biasa we bade moro bagong kitu ,nalika kitu kalaresan aya Meong  anu kacida ageungna ,kinten-kinten saageung anak munding keme.harita diboro ku Tukang Moro,pami ayeunamah panginten disebatna Komunitas Tukang Moro.tempat na nyaeta di Gunung Guha palih kulon caket kampung Rawa Seel .eta tempat di sebat na Janela ( karang bodas mangrupa bentuk janela ).
Tempat etateh kawilang angker jarang atuh aya anu nyorang kadinya .tah eta Meong teh lumpatna kadinya pernah na aya hiji guha handapeun Janela . tukang moro atos taak ( bingung) kumaha cara na meunangkeun eta Sato.di bedil teu neurak ,di tumbak komo deui ,sangkilang eta bedil na tina jenis Patrom ( Senjata amunisi laras panjang ). anu akhirna eta meong asup kana guha ,tukang moro neangan akal tidinya di tikung ku sararaea eta liang guha teh ,ari pek katingal eta meong nyelap dina selepet karang,ku salah sahiji tukang moro di gebahkeun ti palih tukang .barang eta meong ka hareup maju teu antaparah di kadek ku  bedog ku salah saurang Tukang Moro anu tos siap dina tempat na.Gaclek… ngeunaan pisan kana bagian beuheung na eta meong.Gauuurr ,,harita sora meong ngagaur tarik pisan , da eta sora meong  dina waktos harita keueung sareng ketir ngagauur na ,saur tukang moro anu aya didinya waktos harita da bumi teh asa eundeur ,dangdaunan aroyag nalika eta meong ngaleupaskeun nyawa .tidinya mah beunang eta sato teh.
Sareng deui seeur kajantenan sejen na di eta wewengkon gunung teh sapertos kamari waktos penggalian , aya orang luar anu kawenehan ningali oray saageung drum anu meulit dina tangkal Randu Ageung,ukuran tangkal  sakitar  4 ukuran drum .eta Si Oray teh  calangap hulu na rek macok kana alat berat anu di anggo ngagali , sarombongan orang luar uih deui ka nagara na saatos ningal kajantenan kitu.
 Dugika ayeuna eta tangkal Randu masih aya  sareng teuaya nu wantun nuar atanapi ngaganggu.teras upami wengi sok sering kadangu sora meong di sabudereun eta tempat.
Masih seeur carita-carita sejen na anu aya hubungan na sareng Gunung Guha ayeunamah urang pungkas sakitu Carita Mistis Wengi Jumat dina danget ieu ,Insyaalloh di lajeng deui dina episode salajengna dina wengi jumat payun.Hatur nuhun kasadayana .
Wassalam
Salam ti urang Sukabumi
Create by Risman imengothic
Silahkan untuk di Share
Dilarang copas tanpa seijin saya

Sumber :
Komunitas Tukang Moro Cigati
Carita masyarakat sekitar
Bukti peninggalan yang telah di temukan
http://rismanimengothic.blogspot.com
http://www.rismanimengothic.com

1 komentar: