Kamis, 12 Mei 2016

On 06.10 by imengothic   No comments


SAJARAH TATAR SUNDA
SASAKALA  SITU PIIT
Bissmillahirrohmanirrohim
Assalamualaikum
Baraya patepang deui sareng simkuring dina Carita “MISTIS WENGI JUMA’AH”.anu dina danget ieu atanapi episode ayeuna,simkuring  bade medar carita  “Sasakala Situ Piit”.Baraya pasti kantos  ngadangu atanapi teuacan aya anu uninga ngeunaan ieu Situ Piit.Mangga urang  kawitan.
Situ Piit nyaeta salah sahiji situ anu kawilang endah tur pikaresepeun .Kaendahana  teu eleh ku situ-situ anu sejena,kusabab ieu situ ayana diluhur gunung .Pernahna ieu situ nyaeta digunung Guha,anu kaasup kana desa Tanjung Sari,kacamatan Jampang Tengah,kabupaten Sukabumi.Situ piit kenging lindungan ti PERUM PERHUTANI DIVISI REGIONAL JAWA BARAT DAN BANTEN KPH SUKABUMI.KAWASAN PERLINDUNGAN SETEMPAT (KPS)SITU/WADUK :SITU PIIT.PETAK 27C.RPH CIKEMBAR.BKPH CIKAWUNG.KPH SUKABUMI.Mantak disukabumi mah moal kakirangan ku tempat anu endah,malahan kedah reueus  upami kalaresan asli urang sukabumi.


Situ Piit asalna tina kecap Situ jeng Piit,Situ anu hartosna nyaeta sababaraha cai ( seger atawa uyah ) nu kacampur di hiji tempat anu cukup lega bisa lumangsung ku alatan leburna gletser,seserepan,atawa kusabab ayana cinyusu (mata air ).Teras anu hartosna Piit nyaeta ngaran salah sahiji manuk,sok di sebat manuk Piit.Upami dina bahasa Indonesia di sebatna Burung Pipit,anu tos ilahar tiasa ditingal biasana pangulinana disawah.Anapon dina perkawis ieumah,dinamian Situ Piit teh panginten kusabab eta ngaran tempat asalna Cipiit,jadi disebat weh Situ Piit.kirang langkung sapertos kitu baraya asal muasal  kunaon make disebat Situ Piit.
Sapertos anu disebatkeun tipayun,situ piit teh ayana diluhur Gunung .Janten ieu pernah na situ piit teh ayana di puncak gunung Guha .Sabudeureun ieu situ dilingkung ku tangkal pines,mantak waas katingalna .Angin anu ngahiuk  nebak kana daun pines,nimbulkeun sora anu endah.Lamun nalika urang nuju aya di eta situ,mantak jarauh panineungan baraya.Urang tiasa nenangkeun pikiran sareng niiskeun diri anu pinuh ku masalah sapopoe dina kahirupan urang.

Ieu situ kaasup situ anu alami,parantos mangratus-ratus taun panginten ayana.Caina seserepan tina gunung Guha,sareng tina sumur di sabudeureun eta situ.Caina anu herang tur laukna oge seueur mangrupi –rupi lauk.Sabangsaning lauk nila,Lele,Nilem,lauk emas,hurang jeng lauk anu sejena aya diieu situ.Ku urang lembur anu caket ka ieu situ mah,sok dianggo tempat nguseup tegep pisan baraya pokonamah.Nyandak eupan we anu jetu sareng teu di ulahkeun saha wae nu hoyong ngala lauk di situ piit mah,sok tinggal nyandak pakakasna we.

Ayeuna Situ Piit parantos rame diwangun dijantenkeun tempat pelesiran.Parantos aya 2 bulan katukang nyaeta ti mimiti Maret 2017,kadang warga desa Tanjung Sari ngarehab Situ Piit.Sapertos jalan sareng jukut anu barala diberesihan.Tempat parkiran oge tos sadia,ah moal awis karcisna ge ameng kadinyamah.Teras didamelkeun sasaungan disisi situ,aya deui anu leuwih endah nyaeta didamelkeun saung rangon ( Saung Rangon :Gubuk diatas pohon) pikeun anu ngahaja pelesiran kadinya.Janten urang tiasa nangkring dina luhur tangkal pines tegeplah pokonamah.

Salain ti eta urang oge tiasa naek parahu,waduh asa dicirata wae bari nguseup baraya jeung mang imen anu kasep teuacan nikah can gaduh kabogoh deuih aya fbna dihandap da.Bari ngopi dina parahu teh kopi hideung udud keretek atawa Mild,ah poho weh kapamajikan da keur nguseup.Balik kaimah teh teu ditanya saminggu baraya.
Upami  kalaresan  nyandak motor trail,kedah anu parantos biasa kana  jalan-jalan ruksak.Kusabab jalana sanes jalan anu ilaharna ngahaja menang ngadamel,namung engkin bakal ngalewatan leuweung pines.Janten mapay jalan satapak ngaliwatan leuweung pines.Tegep pisan kanu sok resep tarabas mah.Kade ulah hilap anu leuwih penting nyandak camera,kanggo engkin foto-foto teras diasupkeun kana internet apan update kitu baraya.

Bilih anu periogi rute jalan ka Situ Piit,upami ti kota Sukabumi mah nyandak jalan Pelabuhan 2.engkin saatos dugi ka pasar Pangleseran nyandak jurusan anu ka Jampang atanapi ti pasar pangleseran mengkol ka kenca anu jurusan ka Jampang.Saatos dipangleseran kirang langkung 1 kilometer, taroskeun gang kanari.Tidinya teras ka kp.Leuwiliang,engkin taroskeun deui  kp.Rawa Seel  Situ Piit desa Tanjung Sari.Janten upami ti lokasi jalan ageung mah nyaeta pasar Pangleseran,jarakna -+ 15 kilometer.
Kanu sok resep tarabas ,nyandakna jalur Lembursitu.Kin ka kibitay meuntas jamatan cimandiri desa Wangun Reja,teras naek  ka gunung Arca.Turun gunung Arca meuntas wahangan Cicadas jambatan Cidage Kp Cirentet desa Sukamaju-Kp.Kadupugur-kp.Leuwi Dingding.Palebah Kp.Leuwi Dingding liren hela,sabari ngopi diwarung teras taroskeun jalan jalur irigasi anu ka Rawa Seel.Tah engkin urang bakal kukurubutan mapay eta jalur irigasi dugika Kp Rawa Seel.Jarakna -+ 7 kilometer,bari jalanna wah SUPER EXTRIM.Pokonamah anu tara biasa ka jalan leuweung mah,ulah hoyong nyobian.Engkin bilih ceurik kokosodan  dijalan teu tiasa uih.Jalur irigasi eta handapeun gunung Guha pisan,jadi engkin urang bakal mapay sisi gunung Guha.Tegepnya baraya moal gagal pokonamah sareng kang imen mah.Lamun nyandak jalan dinya mah bakal leuwih seueur ningali kaendahan Sukabumi.sakali deui moal GAGAL jeung kang imen si kasep kalem mah kitu baraya.

Aya deui rute tarabas anu nyandakna ti Bibijilan.Janten engkin nyandak jalur nyalindung teras ka kp Lebak Nangka Bibijilan goa Siluman anu tos teu bireuk deui disukabumi mah wisata panghade na.Tidinya biasa we ngopi hela diwarung sabari foto-foto upload weh kana facebook.Taroskeun jalan ka Kp.Nagrak sareng kp.Rawa Seel.Namung upami jalan dieu mah leuwih Extrim pisan,kusabab ngalewatan leuweung sisi gunung pasir tongeret teras Gunung Guha.Jarakna -+ 25-35 kilometer.Urang kedah persiapan bensin nyimpen dina kompan,kusabab engkin moal mendakan nu icalan bensin.Paling aya nu icalan bensin,nyaeta sakadang Careuh sareng sakadang owa baraya.

Tah kitu baraya jalan-jalan sareng kang imen mah moal gagal pokonamah.Ari kang imen mah sanaos asok papanasan leuleuweungan oge,ah tetep we bodas sareng kasep kitu.bilih teu percanten mah tingal we dina album facebookna.Mung kitu tea hanjakal teuacan gaduh istri ,kabogoh oge teuacan aya.Tos 5 bade ka 6 tauna panginten.Meuni watir baraya ngadangu na oge nya.Ari kawitna mah di tingalkeun ku anu janten kobogoh waktos taun 2013 haritaTtidinya mah dugika ayeuna kieu we nyaeta teuacan aya jodo na deui.Teu tiasa move on baper saur barudak abg ayeunamah cenah.


Resep pisan baraya upami urang mikacinta kana alam.Samodel simkuring satiap nuju hiburan ka hiji wewengkon atanapi leuleuweungan,sok sagala di foto baraya.Maklum apan nembe gaduh camera DLSR .Aya oray keur ngagantung foto,aya tangkal babadotan di foto kitu.Anu leuwih pentingmah mun kaparengan liwat ka pilemburan,pan sok seueur  anu mencrang atanapi Jahe,ngartos teu ?.Enya eta parawan atuh,Jahe teh Janda Herang meuni ngahuleung heula kitu oge.Etamah langsung eureun heula cekrek weh foto,apan lumayan baraya.Meuni inget we harita dina handapeun jamatan pasupati asia afrika bandung.Kaparengan nganjang ka bumi na Pa RT didinya. Ari pek barang nuju calik aya putri na pa RT,Subhanalloh etamah geulisna da 17 taunan lah ,bari nyuguhan nyodorkeun caneuteun sareng cai kopi na,meuni betah alim uih baraya.

                Balik deui ka bahasan Situ Piit sok katerusan upami nyarios teh nyaeta.Situ Piit ngagaduhan sababaraha rusiah  terutami dina hal ghoib,anu dugika ayeuna masih keneh janten carita.ieu situ gaduh kaahengan sorangan.Naon kaahengana teh,nyaeta miceun cai na kana jero liang.Maksudna kumaha  kang imen kirang patos ngartos.Janten kieu situ piit ngagaduhan liang cai dina jero taneuh,jadi eta cai ti situ teh dipiceuna kana liang eta.Da saupami didangukeun,eta sora cai ngocor dugika aweuhan kadanguna ngaguruh sapertos anu dina jero guha.Upami di tingali ti luhur mah heunteu ciga aya liang cai anu ageung,ngan saukur ka balaan ku jukut anu ngarembet kana eta jero liang.Tapi kadangu sora cai nyurug kana jero liang.duka kamana  eta bras na cai ngocorna wallohu alam.

                Sapalih carios eta liang cai anu asalna ti situ piit teh bras na ka wahangan Cimandiri.Kusabab Situ Piit mah teuaya pamiceunan cai samodel wahangan jeung nu sejena.Janten pantes upami ngaraos aneh,kualatan ieu pamiceunan cai na asup kana jero liang.Simkuring oge teuacan kengeng bewara anu pasti ngeunaan ieu liang teh bras na kamana.Namung ngan saukur carita urang lembur didinya,yen eta cai ti situ piit the ngocorna ka wahangan cimandiri .Kusabab wahangan cimandiri ayana disahandapeun eta situ sareng gunung guha.Janten tiasa oge eta cai lares ngocorna ka wahangan Cimandiri.

                Aya deui rusiah Situ Piit anu leuwih utama sareng nyirikeun yen situ piit teh gaduh kaahengan sapertos kitu.Nyaeta ayana dua lauk emas sajodo.Carios ieu parantos aya ti kapungkurna ti jaman kolot baheula panginten tos magratus-ratus taun ayana.Saatos tataros ka sepuh anu kalaresan uninga kana ieu carios dua lauk emas sajodo tea.Dina waktos jaman kapungkur aya hiji jalmi anu melak ieu dua lauk emas sajodo ,anu hiji rupa nateh beureum anu kadua rupa na bodas.Tah ieu lauk sajodo teh nelah dugika ayeuna sok di sebat “si Bendera”.Kusabab tadi tea rupa na beureum sareng bodas.Ieu lauk si bendera teh dipelakeun disitu piit.

                Waktos terus nyerelek poe ganti ku bulan,bulan ganti ku taun,atos ratusan taun dugika ayeuna tisaprak eta lauk di pelak.Kumaha eta nasibna lauk,naha aya keneh atawa henteu.atawa panginten tos anakan?.Dina hiji mangsa aya jalma anu keur ngecrik dieta situ,biasa we ngala lauk da pagawean sapopoe na lintar (Lintar : menangkap ikan di sungai dll).Harita  wanci tos tabuh 5 sore keur mejeuhna arek sariak layung,eta jalma acan waka balik,malahan ceuk pikirna jadi loba ieu lauk kaburitkeun mah.
Nalika keur anteng ngintip lauk sabari nangtung dina rakit, palebah tengah situ katingali ku manehna aya cai anu ngaberekbek.manehna ngarasa aneh,jorojoy aya pikiran hayang ngadeukeutan kusabab ngarasa panasaran.Terus manehna ngadayung eta rakit maksudna rek ngadeukeutan cai anu ngaberekbek tadi barang tilu opat kali ngadayung,pecenghul teh aya lauk anu ngajol kaluhur,eta lauk lain lauk biasana,nilik kana ukuran na aya sagede panto mah.Nalika eta lauk ngajol kaluhureun cai, kasorot ku cahaya layung,atuh katingali sisitna koneng umyang semu berem.

Barang ningali kitu eta jalma reuwas kacida,kusabab mendak kajantenan anu teu ilahar ku manehna karandapan.Tidinyamah teu mikir panjang,manehna langsung ngadayung rakitna  ka sisi situ,bari gura giru kualatan sieun.Saatos nepi ka sisi situ,berengbeng manehna lumpat sataker kebek,lumpat muru ka lembur.Teu tolih kana lauk anu geus menang ngala,ditingalkeun jeung kecrikna.
Anu kawenehan ku eta lauk lain ngan saukur saurang dua urang,tapi geus sababaraha urang anu pernah ngalaman ningali eta lauk.Kajadianna percis sarua jeung si jalma anu tadi.Janten ngeunaan ayana eta lauk sajodo anu di sebut si bendera teh,bisa jadi eta anu sok nembongan ka sababaraha jalma anu tos pernah ngalaman kawenehan.Tah kirang langkung sapertos kitu ngeunaan carita lauk sajodo.Mantak tisaprak sok aya kajantenan kitu,tara aya jalma anu ngahereuykeun kana ieu situ,samodel ngabalaan situ,nyarios sompral,sareng jarang aya nu ngulampreng nalika waktu tos arek maju ka magrib.
Teu kenging caliweurah atanapi mincrak upami kalaresan nuju ameng ka Situ Piit.Sareng ulah saomong-omongna,ulah nyarios sompral,teu kenging ngabalaan ieu situ.Angguran samemeh na macakeun heula doa,ku lapadz  Bismillahirrohmanirrohim,sagala rupa pagawean eta leuwih alus di mimitian ku maca bismillah. Ayeunamah urang pungkas sakitu Carita Mistis Wengi Jumat dina danget ieu ,Insyaalloh dilajeng deui dina carita sejen episode salajengna dina wengi jumat payun hatur nuhun kasadayana .
Wassalam.
Salam ti urang Sukabumi
Create by Risman imengothic
Kanggo anu hoyong update carita Mistis wengi Juma’ah mangga tiasa gabung di group
Atanapi di file group SUKABUMI FACEBOOK                          
Hatur nuhun ka :
Abah Suyatna Dahlan
Group : NYARIOS SUNDA (NGAMUMULÉ BASA SUNDA)



NB.bilih anu hoyong riquest carita hiji tempat atanapi naon wae ,mangga tiasa inbox simkuring


Sumber :
Komunitas Tukang Moro Cigati
Carita masyarakat sekitar
Bukti peninggalan yang telah di temukan
Silahkan untuk di share
Dilarang copas mengedit tanpa seijin saya








0 komentar:

Posting Komentar